Wilujeung Sumping
.
Bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepi-an, Hampura kasadayana nu ku kuring dianggap dulur. Kuring mah jalma bodo, teu ngarti kana elmu2 nu dicaritakeun ku kuring dina postingan ieu…Hampura kuring bilh mipit teu amit ngala teu menta kasadur ka tandur...mugi ageung hampura jembarmanah bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun. ka sadaya baraya sa desa, dulur nu salembur,wargi sa nagri

Senin, 16 September 2013

Tepis Wiring Bali Geusan Ngajadi Tasik Banjar Pamidangan

 
Tepiswiring Gunung Galunggung

Mangsa wanci geus reup reupan..Halimun gunung mimiti nyimbutan lembur..Tongeret lir mere tunggara..Marengan hibarna cahaya layung..Mapag datangna indung peuting, Kuring ngajanteng salila lila..Neuteup runggunukna pilemburan..Nu kalingkung ngeplakna pasawahan..Tempat kuring reureuh..Tempat kuring macangkrama jeung baraya..
Lembur kuring...Sanajan ayana di tepiswiring..Kuring bagja...Dilahirkeun di sarakan pamidangan..Nu nyuguhkeun katengtreman..
Waas...