Test B Inggris
Bu Lia: “Ayeuna ibu rék ngetést maranéh anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “,
saur ibu guru Lia.
Bu Lia : Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb !
Fitha : “Bring – brought – brought, hartosna nyandak”
Bu Lia : “Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !”, si Yogi katelah tukang heureuy.
Yogi : “Dag – dig – dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR”.
Bu Lia : Nangtung dihareup ! Ngajar Basa Inggris ku basa Sunda:
“Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous“, saur ibu guru Lia.
“Ridwan, sok sebutkeun contona present continous !”, ibu guru Lia naros.
“Hi istuning (he is tuning),hartosna dia keterlaluan “.
“Déni !"
“Déy weureu daun (they were down), hartosna mereka weureu daun”
” Kahareup kabéh! Matak TBC ngajar barudak kawas kieu mah !”, bu Lia bendu. Budak Jago Ngomong Ingris
Kuring mah teu aneh, upami barudak urang Ingris anu di London umur 9 tahun tos lancar ngagunakeun basa Inggris.
- Atuh puguh we Kang, pan maranehn teh urang Inggris anu di London, puguh we lancar kana basa Inggrisna.
+ Tah anu aneh mah ningali barudak urang Sunda aya di kota-kota Tatar Sunda umur 9 tahun masih aya keneh anu tacan lancar basa Sundana.
- Perkawis eta mah sim kuring moal ngomentaran ah.. Tukang Manuk
“Sabaraha mang manuk ieu hargana ?” ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.
“Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh, anu cicing bae, eta mah dua juta” bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
“Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang?”
“His, pan eta anu nyiptakeun laguna” Tuturut Munding
“Dewek mah keuheul kapamjikan euy, teu kaop tatangga meuli itu, boga ieu, sok langsung nurutan, dasar si panas baran…!” Mang Sarkim gegelendeng.
“Pamajikan nukitu patut mah bales wae atuh..!” Mang Jupri kalahka mapanas.
“Nya kumaha kitu..?”
“Kieu geura lamun ningali tatangga kawin deui..buru-buru urang ge kawin deui..!”
“Satuju euy…!” Mang Sarkim atoh. Lagu Jaman Keur Budak:
Bulantok-bulantok Bulan gede bulan montok Moncorong sagede batok Bulantok-bulantok Aya bulan sagede batok Bulanting-bulanting Aya bulan sagede piring.
Bilih aya deui lagu nu sanesna mangga dihaturanan ka payun. Si Uci AKABRI
" Saha nu hoyong lebet ka surga, Ngacung ! " ceuk bu guru TK.
" Abdi,bu! " ear barudak bari ngaracungkeun curuk.
aya 1 murid teu ngacung, di taros ku bu guru
" Uci teu ngacung, teu hoyong lebet ka surga?" ceuk bu guru
" Abdi emut ka pun bapa, almarhum"ceuk uci
" Muhun cep, nanging tetep kedah hoyong lebet ka surga mah"ceuk bu guru
" emut wasiat pun bapa, Poko na mah, rek kumaha ge abdi kedah lebet AKABRI " ceuk uci
Malam Mingguan
Mulih ti malam mingguan teh si ira lumpat bari ceurik.
" Kunaon neng ?" ceuk ceu iom, " Neng di pegatkeun ku si ombi, umi" si ira nembalan." Ah, wios neng..emang lalaki mah Borokokok sadayana !, Ngke ge aya borokokok anu pas jeung neng ". Si neng ngalieuk ka bapa na, bari ceurikna ngabedasan. Ari kang tatang, bapa na si ira, mah molohok bari lieur.
Landong Baeud "Kamus Cina Sunda"
by Nyarios SundaKang Suadma: "Keur naon mang, mani anteng kitu maca buku teh?"
Mang Ihin: "Nunawi kang, nuju maca kamus Cina Sunda, sing horeng teh upami diucapkeun mah teu benten tebih, cobi ku Akang aos seratan dina kamus Cina Sunda nu ieu" (Mang Ihin muka kamusna anu di baca bari ditembongkeun ka kang Suadma. Kang Suadma kalahka beuki anteng we macaanana, pedah aya tulisan kieu:
A Lung Keun ( dibalangkeun )
Am ( dahar )
An Jing ( gogog )
Ba Chang ( leupeut eusi daging )
Babah ( bapa )
Ba Tok ( bagian anu paling teuas dina kalapa )
Bo Tak ( teu gagaduhan rambut )
Bo Lo Ho ( bodo )
Ba Le Dog ( ah ieu mah basa inggris meureun?)
Cha Bok ( gaplox )
Cha Lang Ngap ( tong dibuka geus dahar jengkol maneh mah….? )
Cha Pe Tank ( budak leutik karak bisa ngomong ).
Cha Ran Cang Ti Hang ( wanci sore )
Cha Meuh ( biwir gemesin )
Chai Baw ( anu aya di solokan )
Chak Chak ( dulurna toke )
Chan A Ya ( inden , antry )
Chan Man Die ( bau dahdir )
Chang Ka Leng ( caruluk )
Chang Kang Chaw ( parab embe )
Chang Ke Nyer ( loba teuing gawe peuting )
Chang Kok Khan ( bibit mangga)
Chang Ku Du ( buah bau pisan )
Chang Ku Ri Leung ( manuk )
Chap Cay (kadaharan tina sayur-sayuran )
Chap Ja He ( koret, medit )
Chi Bha Du Yut ( pabrik sapatu ).
Chi Ham Phelas ( tempat jin meuli calana ).
Chi Ka Dut ( kuburan cina ).
Chi Ki Zing ( ngaran desa / kota )
Chi Leu Peung ( belegug )
Chi Leuh ( tai panon, belek )
Chi Leun Cang ( cair kotor, disisi jalan ari tos hujan ageung ).
Chi Lok ( kadaharan budak : aci dicolok )
Chi Reng ( kadaharan budak :aci digoreng )
Chi U ( leupeut tina aci jeung cau )
Ching Chang Chang (embe kabur )
Ching Chang Ke Ling ( lagu ) Ching Chung ( guru nanya )
Cho Bian ( mangga raosan ).
Cho Kor Baw ( canteungan )
Cho Le Nak ( katuangan, peuyeum dibubuy sareng gula kinca ).
Chu Ra Ling ( sipat licik )
Chu Ru Luk ( buah kawung )
Tho Lo Heor ( Ngareuleuss )
Enci ( ibu, indung )
Encim ( parawan cina )
Heu Ay ( tunduh )
Hok Cay ( molohok bari ngacay )
Hu I ( akar nu bisa di dahar )
O Lo Le Ho ( leutik keneh geus kawin; keur gering salesma )
Ong Kek ( utah )
On To Hod ( pikakeuheuleun )
On Tha ( binatang di Arab )
Kyu Kyu ( judi )
Lha Hang ( cai aren )
Liang Cheuli Baw ( panyakit THT )
Le Nang ( leuwih naker tibatan bo tak )
Ma Ling Ping ( ngaran desa / kota )
Ma Ung (dulurna ucing )
Nga Cay ( ngelay: banjir tina baham )
Nyi Chian Pochi (pagewean babu )
Pa Hang ( rasana aneh )
Pe Chak ( panonna peureum sabelah )
Pek Tay ( … ) teuing naon ieu mah, can ka alaman ku sayah
Peu Chang ( leupeut eusi kacang; sato nu sukuna opat )
Pha Ming Pin (dunungan )
Ping Ping ( luhureun tuur, handapeun eta tea… )
Siang Siang Maling Seng ( euweuh gawe, beurang?maling)
Sing Sing Keun ( arek gelut /wcw )
Taw Cho ( oleh-oleh ti lembur kuring ieu mah )
Tham Pi Ling (gaplock )
Tham Po Long ( wadah reuhak )
Tho Lom Bong ( wadah oge )
To Ong ( ningali tina liang leutik )
Toke Chang ( lagu oge )
Tong Li La (enggalkeun )
Tong To Lang ( nangka – kawinan bapak – teu beja-beja?- poe salasa… )
Tu Ang ( ngalebok )
Tung Tung Seng ( seukeut pisan )
U Ching ( dulurna maung )
Yap La Hun ( budak ceurik )
(AS), bilih aya kurang mah tambihan ku baraya.
Hayang Untung Ngadon Buntung
Nyai : Ema² Nyai dibere Duit tah Ku Aki Juha 10.000 ker meuli calana Ema : naha dibere duit emang ker naon tadi? Nyai : Tadi naek tangkal jambu Aki Juha tapi nyai teu make calana trus di tah balik bari nyarios kieu:yeuh tah duit 10.000 belikeun calana nyak!
Trus Ema indit rek nurutan si nyai bari teu make calana jero
trus pas naek tangkal jambu kanyahoan ku aki juha bari ngagorowok eta si eneng turun buru Bari ngasongkeun duit 500 yeuh belikeun silet KURUD nyak, ceuk aki juha!
Ema:??***%%###@@
BODOR
15 September 2013 pukul 3:10
Daftar Kursus Komputer Hiji mangsa si Oni hoyong kursus komputer dan ayeuna mah jaman teknologi ceunah. Ngarah tong tinggaleun teuing ku batur kudu melek teknologi ulah gagap teknologi.
Oni : “Teh, pami daftar kursus komputer sabaraha nya?”
Teteh: “Daftarna bayar 50rb di sasih ka hiji, kanggo sasih ka-2 sareng saterusna bayar 20rb tiap bulan”
Oni : “Okelah pami kitu mah, engke weh abdi daftar na di bulan ka-2”
Sensus Penduduk
Dina hiji mangsa aya petugas sensus penduduk datang ka tiap warga kanggo nyuhunkeun data. Atuh aya sabagian warga anu bingung, sensus kanggo nao deui da pemilu mah lami keneh.
Warga: Jang ari sensus teh kanggo pemilu? Asa cik keneh didata....
Patugas: Sanes pa .....
Warga: Kanggo BLT?
Patugas: Sanessss ..............
Warga : Ari geus keur naon atuhhh???? (rada nyereng ...tur nyentak)
Patugas : (ngajawab bari reuwas) Kanggo ngagentos lagu Rhoma Irama..... Lagu nu kapungkur " 135 juta penduduk Indonesia....." tos kadaluwarsa. Janten hasil sensus teh diantos pisan ku Kang Haji Rhoma Irama.
Meuli Jeruk Gratis
Jang Acay indit ka pasar hayang meuli jeruk didituan na mah.
Acay : sabarahaan jeruk na mang?
Tukang Jeruk : sakilo 15rb, bade sabaraha kilo?
Acay : nu bener mang? amis teu, mun haseum kumaha?
Tukang jeruk : amis atuh jang, lamun haseum mah gratis we lah
Acay : nya sok lah, meuli nu haseum na weh 2 kilo. gratis pan?
Tukang jeruk : ~!@#$%^&
Obat anti Reungit
Hiji waktu ahong curhat ka sobatna atek, dumeh di kamarna loba pisan reungit.
Ahong : “Di kamar urang mah meni loba reungit, sakitu geus disemprot jeung di puput ku obat anti reungit angger weh loba.”
Atek : “Cik gera simpenan keusik walungan di kamarna.”
Ahong : “Ih geuning gampil, naha bener moal aya reungit?”
Atek : “Piraku urang bohong”
Ahong : “Kedah sakumaha keusikna??”
Atek : “Sapinuhna kamar!”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar