Wilujeung Sumping
.
Bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepi-an, Hampura kasadayana nu ku kuring dianggap dulur. Kuring mah jalma bodo, teu ngarti kana elmu2 nu dicaritakeun ku kuring dina postingan ieu…Hampura kuring bilh mipit teu amit ngala teu menta kasadur ka tandur...mugi ageung hampura jembarmanah bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun. ka sadaya baraya sa desa, dulur nu salembur,wargi sa nagri

mengenang arti hidup


Kaayaan mibandaan eta rasa nu ngunjukeun
Kayaan dina rasa nu teu bisa dileungitkeun
Waruga nu ningalikeun kaayaan eta perwujudan
Ngaliwatan ngalintas ingeutan, teu benang dibuni baukeun

Nyata hirup dohir ku wujudna hirup ku eta alam
Rasa mibandaan dina eta dohirna, nguningakeun
Nganyatakeun aya pamlihna, menangkeun harakt dina eta Hirupna
Ngahirupkeun eta dohirna, ku eta waruga nu mibanda eta rasana

Moal aya rasa nalika eweuh dohirna
Rasa mibanda eta warugana, warangka mibanda eta karyana
Aya dina milampahkeun eta wujudna.

Kaayaan salah nempatekun, kahariwang nu ngaleumpangkeun
Ieu nyata hirup kaluar dina anu dirasakeun
Pamujian nu ngalampahkeun, panyajungan nu jadi tujuan
Ieu hirup kahinaan, sok matak nyilakakeun

Menerkeun kaayan, milampahkeun nu dirasakeun
Hirup bener dina perhambaan, teu kaluar dina kanyataan
peta hirup nu ngaleumpangkeun dina diri nu karandapan
nyata hirup ku pertanggungjawaban

lain loba leumpang warugana, waruga nu dileumpangkeun ku eta ruhna
kitu jalma leumpang pamikrna, nganyatakeun kamulyaan dijajdikeuna.
Lain leumpang ku hawa napsuna, jalma ngudag pamuji dina eta mahlukna
Nyata hirup eweuh pamikirna, teu tumerap kamulyaan ti pangeranna.


Salam
Mahesa Raga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar