Wilujeung Sumping
.
Bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepi-an, Hampura kasadayana nu ku kuring dianggap dulur. Kuring mah jalma bodo, teu ngarti kana elmu2 nu dicaritakeun ku kuring dina postingan ieu…Hampura kuring bilh mipit teu amit ngala teu menta kasadur ka tandur...mugi ageung hampura jembarmanah bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun. ka sadaya baraya sa desa, dulur nu salembur,wargi sa nagri

Pupuh , dangdang gula, balkbak



Asmarandana
Eling eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Mun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan, Citameng
Awewena luas luis geulis pisan, ngagoreng
Lalakina lalakina leos kapipir nyo'o monyet, nyanggereng

Dangdanggula
He Barudak poma sing areling
sing nyaah ka indung ka bapa
Maraneh teh matak hese
Komo nu jadi indung
Kahesean kaliwat sakingti keur di kandungan
Matak hese wungkul
Mun dengdek kukulinciran
Waktu maneh gubrag gumelar ka lahir
Indung teh boa ajal.

Durma
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus di pasti ku jangji
Mun tacan laksana numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik najan palastra
Mati di medan jurit.

Gambuh
Kutan kitu ari maung
Simana kaliwat langkung
jalmi jalmi warni warni
Seueur anu ngoplok bujur
Bawaning sieun di kokos.

Gurisa
Waktu barudak keur mijah
Arulin semu barungah
Ger hujan gede pohara
Barudak breng lalumpatan
Ngiuhan di bale desa
Ngadago raatna hujan.

Juru Demung 
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning Anu Agung
Ku kersaning Anu Agung
Geus pinasti panggih
Geus pinas
tigeus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung.

Kinanti
Budak leutik bisa ngapung,
Babaku ngapungna peuting,
Ngalayang kakalayangan,
Neangan nu amis-amis,
Sarupaning bungbuahan,
Naon wae nu kapanggih.

Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik,
Engkang-engkang sok luluncatan di cai,
Ari banguna rek sarupa jeung lancah.

Lambang
Urang kudu inget pisan
Nya di ajar di sakola
Masing geura geura bisa
Sing inget ka indung bapa

Maskumambang
Hey barudak kudu mikir tileuleutik,
maneh kahutangan,
ka kolot ti barang lahir,
nepi ka ayeuna pisan.

Mijil
Mesat ngapung putra sang Arimbi,
Jeung mega geus awor,
Beuki lila beuki luhur bae,
Larak lirik ningali ka bumi,
Milari kang rai,
Pangeran Bimanyu.

Pangkur
Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajal milangan korihenteu puguh anu dituju
Balikan paman sadayanu timana tiluan semi nu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran Jayapati

Pucun
Utamana jalma kudu rea batur
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma

Sinom
Sinom nu jadi piwulang
Piwulang ka murang kalih
Anu eukeur sarakola
Mambrih salamet nya diri
Ingetkeun beurang peuting
Tungkus dina jero kalbu
Keur conto salalawasna
Kaitkeun di jero ati
Ulah pisan hirup tinggal tiwiwaha

Wirangrong
Deudeuh teuing nu prihatin
Rukmantara keur ka bendon
Sedih manahna kalangkung
Henteu eureun eureun nangis
Angkat sakaparan parankawas anu eukeur gundam.

Magatru
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung,
Kopo, Ronggo, Cisondari,
Cicalengka, Ujungberung
Rajamandala, Cimahi,
Leles, Limbangan, Tarogong.

 Eling- eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Nyucruk galur ti Karuhun
Nutur lacak para Wali
Nu nyambuang ka balarea
Titinggal ti Nini Aki
Ngawaris kabudayaan
Seni Sunda sawer asih
Seni Sunda pikeun suluk
Gambaran siloka diri
Hirup ulah rek ka jongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran ieu pepeling
Pepeling Jalan Pituduh
Nuduh keun diri cing lirih
Hahalang lugay disingray
Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh cing repeh rapih
Repeh rapih nu salembur
Kacai jadi saleuwi
Kadarat jadi salogak
Pageuh pakuat pakait
Ulah ingkah balilahan
Ancrubna ngajadi hiji
Ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan
Keudalkeun katineung ati
Ka Ibu sareng ka Rama
Neneda ka Maha Suci
Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami
Bilih aya kalepatan
Seueur pisan ka kirangan
Amin ya robbal alamin
Muga Gusti nangtayungan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar